DAERAH  

Mieling Poe Basa Indung Sadunya Taun 2023, Wabup” Bagja Seumur Keneh NU Ngamumule Basa Sunda “

SUKABUMI . JABAR.KABARDAERAH.COM — Wakil Bupati Sukabumi H. Iyos Somantri muka Kagiatan ‘Mieling Poe Basa Indung Sadunya taun 2023 tingkat Kabupaten Sukabumi’ nu lumangsung di Kantor Dinas pendidikan Kabupaten Sukabumi Cikembar, Salasa kaping 21 Februari 2023.

Wabup nétélakeun, kagiatan éta dilaksanakeun minangka upaya pikeun ngalestarikeun basa daérah sadunya. sakumaha ditangtukeun sinareng di bewarakeun ku UNESCO.

Tangtu baé anu dimaksud basa indung téh taya lian basa anu munggaran diwanohkeun ku hiji indung. Ku ayana kitu, saban sélér mibanda basa indung séwang-séwangan. Pikeun masarakat tatar Pasundan, umumna nu dimaksud basa indung teh nyaéta basa Sunda.

“pikeun ngalestarikeun kabudayaan Sunda hususna basa, sastra jeung budaya sunda téh tanggung jawab urang sadaya. Kukituna butuh dirojong di deudeul ku para wargi sadaya” saur Wabup

basa Sunda kudu terus dijaga, ulah nika luntur komo deui leungit. Sabab, lamun lain ku papada urang hususna urang sunda rék kusaha deui.

“Ku acara ieu simkuring ngarasa, bagja sareng reueus. Kusabab ningali masih seueur jalma anu ngagunakeun jeung ngamumule basa Sunda,” cariosna Wabup

Basa Sunda salaku basa indung, hartina nempatkeun basa Sunda salaku basa utama nu digunakeun ku masarakat Sunda, boh di lingkungan sapopoe hirup kumbuh sauyunan jeung balarea, boh kitu di kulawarga.

‘Leuwih ti éta, Pamaréntah Propinsi Jawa Barat parantos ngaluarkeun Perda Propinsi Jawa Barat Nomer 14 Taun 2014 ngeunaan parobahan Perda Propinsi Jawa Barat Nomor 5 Taun 2003 ngeunaan Pangropea Basa, Sastra, jeung Aksara Daerah’ carios anjeuna

Wabup ngaharepkeun, ku dilaksanakeunana kagiatan Mieling Poe Basa Indung Sadunya, kahareupna, adat-istiadat Sunda, ti mimiti pakean jeung basa Sunda, bisa dilarapkeun di sakola-sakola nepi ka paguron luhur jeung pamaréntahan di sakuliah Kabupatén Sukabumi.

Dina kasempetan eta dipintonkeun rupi rupi kamonesan sinareng kesenian sunda diantawisna cingciripit, oray-orayan jeung sabangsaning kaulinan baheula, saterasna Wakil Bupati sareng rengrengan saparakanca ngariksa Stand Budaya jeung pirang pirang katuangan Tradisional Sunda. (Asep SH/Dendis)